Jumat, 14 September 2012

Bentenna Percaya Sinareng Yakin


Kacaritakeun keur peuting sepi jempling si Somad bari make teregos keketeyepan di pipir imah Mang Adang. Manehna keketeyepan seja maling domba Mang Adang. Keteyep..keteyep.. Somad leumpang laluan bari panon rancingeus nilik kaayaan. Saeunggeus dirasa aman tuluy manehna muka panto kandang domba tuluy ditalian we domba teh ku tambang anu geus disayagikeun samemehna. Tuluy domba teh ditungtun dibawa kaluar, bari terus katonggoh ngajauhan imah Mang Adang.
Mang Adang anu keur tibra sare ujug-ujug hudang da hayang kahampangan tuluy we manehna teh kakulah nu aya di pipir imahna. Saenggeus kahampangan manehna kacida reuwaseunna pas ninggali panto kandang domba geus muka bari dombana euweuh. Tuluyna mah maneh ngagorowok weh maling-maling bari tagiwur lumpat teu puguh.
Kocapkeun Somad nu geus aya di tonggoh reuwas oga sabab ti kajauhan kadenge hawar-hawar sora maling-maling. Manehna ngagancangan leumpangna bari satengah lumpat. Mingkin lila sora anu maling-maling teh mingkin jelas manehna oge makin gancang lumpat bari mawa domba jalu anu kacida gedena.Bari hah heh hoh Somad geus nepi ka pakampungan tatanggaeun kampong tempat manehna maling. Panonpoe geus mucunghul cingcirining wanci isuk ka beurangnakeun. Ku sabab cape lulumpatan tuluy Somad teh reureuh sisi wahangan  bari nalikeun tambang kana tangkal berenuk. Sajeroning rereuh teh Somad ngadenge sora pangajian rutinan da teu pati jauh ti patempatan manehna cicing aya pasantren nu lumayan gede. Pasantren eta teh mangrupakeun pasantren Ki Ahmad ajeungan nu kakoncara di wewengkon eta. Kabeneran dina eta waktu teh Ajeungan Ahmad keur ngabahas kautamaan ngaos Bismillah. Ajengan Ahmad netelakeun dawuhan Kangjeng Rasul anu nyebatkeun yen eusi al-Quran teh dihimpun dina surat Al-Fatihah, sedengkeun surat Al-Fatihah teh eusina kempel dina lapad bismillah, jadi saur anjeuna dimana urang leres2 ngucapkeun Bismillah maka sagala pamaksadan urang bakal diijabah ku Pangeran, kitu anu kedenge ku Somad anu keur reureuh sisi wahangan.
Dina wanci rumangsang kurang leuwih jam 9-an tuluy Somad cengkat seja balik ka imahna bari mawa domba hasil palingan. Manehna leumpang ngagandeuang bari nungtun domba mapay-mapay sisi wangahan. Kurang leuwih geus sajam manehna leumpang tuluy manehna ngagerentes dina hate: “Aing lamun ayeuna make jalan anu biasa disorang sieun loba jelema nu tumanya tur curiga kana domba nu dibawa ku uing, uing kudu neang jalan anu sejen lamun kiyeu mah”. Sajajalan manehna mikir kudu jalan mana, sabab lamun hayang kaimahna teu jalan anu bias amah kudu meuntas iyeu wahangan anu kacida gedena tur caina tarik pisan. Saenggoning mikir kitu, manehna inget yen tadi isuk dina pangajian Ajengan Ahmad nyaritakeun yen dimana-mana urang maca Bismillah bakal dicumponan pamaksad ku Pangeran. “Ah ku aing urang coba we ah Bismillaah teh, aing mah yakin da kana omongan Ajengan teh, maenya Ajengan ngabohong. Lamun uing mah heueuh sok ngabohong. ” Gerentes Somad. Tuluy we Somad teh maca Bismillaah bari ngagerentes dina hatena supaya manehna bisa meuntas wahangan kalayan teu baseuh tur salamet nepi ka sisi. Ana beres maca Bismillah tuluy we Somad teh meuntas, manehna bisa leumpang dina cai saperti leumpang dina taneuh. Bari nungtun domba kocapkeun nepi we Somad teh ka sisi. Geus disisi manehna bungah pisan bari ngomong”Tuh nya bener Ajengan mah tara bohong”.
Gancangna carita sababraha bulan ti kajadian eta Somad teh meunang rijki anu badag manehna seja syukuran, tur ngabogaan niat hayang ngundang Ajengan anu geus mere elmu bisa leumpang luhureun cai tea. Somad indit we ngajugjug imah ngan kusabab geus boga ajian leumpang luhuran cai tea manehna tara make jalan biasa tapi make jalan nu basa balik maling tea. Barang nepi ka imah Ajengan tuluy manehna ngomongkeun pamaksudan manehna dating. Kacaritakeun Ajengan Ahmad nyanggupan bari tuluy leumpang bareng jeung Somad. Pas nepi wahangan Ajengan reuwas, “Naha Mad geuning euweuh cukang keur meuntasna oge” Pokna Ajengan ka Somad. Somad rada heran, bari tuluy nembal “Har naha Ajengan peryogi cukang da abdi mah teu peryogi cukang pan tiasa leumpang luhureun cai”. “Euh kaula mah teu bisa atuh Mad” ceuk Ajengan. “Har pan abdi tiasa kieu teh elmuna kenging ti Ajengan, maenya ah Ajengan teu tiasa” ceuk Somad. “Elmu anu mana ah kaula mah teu nurunkeun elmu samodel kieu” Tanya Ajengan. “Eta elmu Bismillaah anu dicarioskeun ku Ajengan, yen pami urang ngaos Bismillaah naon wae kahayang urang bakal dicumponan ku Pangeran”. Ngadenge kitu Ajengan tungkul bari ngagerentes dina haetna. “Iyeu tah meureun bedana uing jeung jelema harepeun uing teh. Manehna mah pas narima eta ucapan teh yakin sayakin-yakinna ari kaula mah ngan saukur percaya”.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar