Rabu, 05 September 2012

Kisah Wali Dad


Kacaritakeun di hiji kampung aya saung butut anu ditempatan ku tukang ngarit nu ngaranna Wali Dad. Pagawean Wali Dad ngarit jukut anu tuluy dijual ka pasar. Unggal poe manehna meunang duit 30 rebu ladang ngarit tea. Tina 30 rebu ladang ngarit teh ku manehna dibagi 3, 10rebu keur dahareun, 10rebu keur pakean katut kabutuhan nu lian, nu 10rebu deui sok diteundeun dina buyung nu aya kolongeun ranjangna.  Mangtaun-taun kahirupan manehna ciga kitu tapi manehna kacida bagjana.
Dina hiji mangsa manehna tuluy ngabuka buyung paranti neundeun duit, manehna kacida heranna geuning duit nu aya téh kacida lobana da meureun unggal poe dieusian tur mangtaun-taun teu dibalanjakeun. Manehna jadi bingung iyeu duit kudu dikumahakeun da ku kahirupan ayeuna oge manehna mah geus ngarasa kacida bagjana. Lila lila manehna mikir tuluy manehna boga pipikiran. Duit anu kacida lobana téh tuluy dibawa ka pasar ka tukang emas. Manehna ngabeulikeun geulang emas anu pangalusna di eta toko.
Saenggeus meuli geulang manehna ngadatangan tukang dagang anu sok kukurilingan dina ngajual barang daganganana.
“Mang, pan Amang mah sok lumampah ka mangpirang-pirang wewengkon anu kacida jauhna, cik bejaan kuring aya dimana awewe anu pangdipikahurmat numutkeun Amang?” Tanya Wali Dad.
“hmmmm…. Aya Jang di dayeuh aya Ratu anu kacida dipika hurmatna, lamun tidieu mah kurang leuwih tilu poe lumampaheun ka lebah kaler. Amang oge sok rajeun nepi ka eta patempatan”. Tembal tukang dagang.
“Owh kitu Mang, cing atuh ari kitu mah kuring menta tulung pang mikeunkeun iyeu geulang ka Ratu anu dimaksud ku anjeun, jeung pangnepikeun oge salam hormat ti kuring” ceuk Wali Dad.
Tukang dagang kacida heranna da Wali Dad anu dina pakean katut dedeg pangadegna oge katempo pisan jelema susah tur miskin ngan naha bet rek mikeun emas kanu sejen, ngan tungtungna mah manehna téh ngaheugkeun kana pamentana Wali Dad.
Gancangna carita si tukang dagang téh geus nepi ka Ratu anu dicaritakeun ka Wali Dad tea, tuluy manehna nepikeun geulang katut salam hormat Wali Dad ka Ratu.
“Bageur pisan tah anu geus mere ka kaula iyeu geulang” Pokna Ratu. “Ari kitu mah kuring oge kudu mere hadiah ka eta babaturan maneh téh, tah bawa ku maneh iyeu lawon sutra nu pangalusna pang mikeunkeun ka Wali Dad”.
Saenggeus tukang dagang nepi ka imahna deui tuluy mikeun hadiah ti Ratu ka Wali Dad.
“Aduh kumaha iyeu!” Pokna Wali Dad pas nampa eta hadiah “Rek dikumahakeun ku kuring iyeu barang anu kacida alusna”.
“Nya lamun ngarasa teu butuh mah bikeun deui we atuh ka batur Jang” Pokna tukang dagang.
“Cik atuh ari kitu mah, dimana aya lalaki-lalaki anu kacida dipikahurmatna numutkeun Amang?”Tanya Wali Dad.
“hmmmm… Aya Jang lamun tidieu mah ka beh kulon diditu aya Raja anu kacida dipika hurmat ku rahayatna, kabeneran Amang isukan rek kaditu” Tembal tukang dagang.
“Nya ari kitu mah pangmikeunkeun iyeu sutra tur tepikeun salam hurmat kuring ka manehna.”
Tukang dagang masih keukeuh heran ku tingkah paripolah Wali Dad nu padahal katempona mah miskin tapi embung narima iyeu sutra. Ngan antukna mah manehna ngaheugkeun pamentana Wali Dad.
Gancangna carita manehna nepi ka tempat Raja, tuluy mikeun sutra ti Wali Dad ka Raja
“Hatur nuhun pisan, bageur pisan tah Wali Dad téh. Ari kitu mah kuring oge kudu mere hadiah keur Wali Dad. Tah pangmawakeun 12 kuda anu kacida aralusna bikeun ka Wali Dad” Pokna Raja.
Saeunggeus tukang dagang nepi deui ka saung reyodna Wali Dad, tuluy manehna masrahkeun 12 kuda pamere ti Raja.
“Halah kumaha iyeu téh, balik kalahkah mawa kuda anu kacida aralusna kieu da kuring mah ngarasa teu butuh ah. Kieu we atuh ayeuna mah Mang, wayahna Amang kudu ngarawatan kuda 2 siki, sesana bikeun ka Ratu anu di belah kaler tea” Ceuk Wali Dad ka tukang dagang.
Numutkeun tukang dagang mah iyeu Wali Dad téh kacida anehna, ngan keukeuh antukna mah manehna nyumponan kahayang Wali Dad.
“Sabenerna saha Wali Dad téh mere hadiah anu aralus wae ka urang?”Tanya Ratu ka para mantrina. Salah saurang Mantri ngajawab, “Duka Ratu, mung pami numutkeun abdi mah kedah dipasihan hadiah anu kalintang saena supados anjeuna moal tiasa nandingan hadiah anu dipasihan ku urang.”
Hadiah anu dititipkeun ka tukang dagang pikeun Wali Dad téh mangrupa 20 kuda anu tiap kudana mawa mangpirang-pirang emas katut perak .
Saenggeus nepi ka imah Wali Dad, Wali Dad nyarita bari ngusapan tarang “Aduh alah iyeung kudu kumaha kuring, salah kuring iyeu mah, nya enggeus Mang ku Amang rawatan kudana 2 siki, sesana bikeun ka Raja anu aya di belah kulon”.
Si tukang dagang tambah gogodeg, ngan bari nyumponan kahayang Wali Dad.
Saenggeus Raja narima eta hadiah tuluy manehna gunem catur jeungb para mantrina nyawalakeun perkara iyeu.
“Bangunna mah si ieu Wali Dad téh hoyong ngabuktoskeun yen manehna langkung punjul tinimbang Paduka” Pokna salah saurang Mantri.”Berarti Paduka kedah masihan hadiah anu moal tiasa ditandingan ku Wali Dad”.
Saenggeus kitu tuluy Raja nitipkeun hadiah ka tukang dagang marupa 20 onta anu mawa emas katut perak, 20 kuda anu tali katut pedalna tina emas, 20 gajah anu paranti tumpakanna dijieun tina emas, tur 20 puluh pagawe anu bakal ngurus eta ingon-ingon.
Pas nepi ka saung Wali Dad kalayan diiring ku bawaan nu kacida lobana, Wali Dad tambah bingung bari langsung pok:”Geus we Mang, ku Amang cokot 2 siki ti tiap ingon-ingon, sesana bikeun ka Ratu nu belah wetan”
“Maenya kuring kudu balik deui ka Ratu?” Tembal tukang dagang.
“Nya wayahna we atuh Mang tulungan kuring, da kudu kumaha deui atuh, kuring oge bingung” jawab Wali Dad.
Kocapkeun indit deui we tukang dagang téh ka Ratu bari angkaribung ku hadiah.
Ratu kacida heranna tur tambah panasaran manehna sok dibere hadiah ku perkara anu leuwih punjul tinimbang hadiah anu dibikeun ku manehna. Tuluy manehna ngobrol jeung mantra-mantrina.
“Pami ditilik-tilik mah Wali Dad téh bogoh panginten ka Kangjeng Ratu, saena mah pendakan wae” Pok salah saurang mantra.
Saenggeus kitu tuluy Ratu nyiapakeun sagala-galana pikeun indit ngamprokan Wali Dad, tur tukang dagang mah balik deui.
Saenggeus nepi ka tempat Wali Dad manehna nyaritakeun yen Ratu bakal ngadatangan Wali Dad. Ngadenge kitu Wali Dad tambah bingung. Tuluy manehna ngabogaan niat pikeun indit jauh ka tempat anu moal bisa kapanggih ku batur da embung papanggih jeung Ratu. Barang rek indit ninggalkeun saung reyodna ujug-ujug aya nu nepak kana tonggong Wali Dad. Barang ditempo téh aya dua pamuda anu kasep ngalempereng koneng, bari eta pamuda téh nyarita:
“Rek kamana Wali Dad? Teu kudu indit da anjeun oge jalma anu kacida pinuh ku kahurmatan, naha bet kudu era ka Ratu katut Raja nu bakal ngadatangan anjeun”. Saenggeus ngomong kitu, baju Wali Dad anu asalna kacida goring patutna ngadadak nyalin jinis jadi baju kacida endahna anu biasa dipake ku raja-raja. Saung reyod milikna oge ujug-ujug nyalin rupa jadi istana anu kacida tohagana tur sigrong pisan. Pas Wali Dad indit ka eta jero istana, di jero istana téh loba pisan pagawe bari tuluy ngahurmat ka manehna.
Gancangna carita Ratu anu ti lebah wetan téh geus nepi ka patempatan Wali Dad bari kacida takjubna nempo istana Wali Dad. Kaparengan dina eta waktu oge Raja nu ti belah kulon oge datang ka tempat Wali Dad da panasaran ka Wali Dad tea.
Pas Raja anu belah kulon papanggih jeung Ratu anu ti belah wetan, eta Raja kacida katajina ka Ratu. Pas Wali Dad apaleun kitu, tungtungna mah dikawinkeun we ku Wali Dad di istana nu ditempatan ku manehna ayeuna.
Keur dina mangsa hajatan keneh, rebun-rebun Wali Dad geus siap-siap rek indit da pikirna manehna mah teu butuh kana eta kabeh. Pas rek indit, tuluy manehna di tepak deui ku dua jajaka anu kamari ngajadikeun saung reyodna jadi istana.
“Rek kamana deui Wali Dad?” Ceuk salah sahiji jajaka.
“Hampura pisan kuring mah kudu indit da kacida teu pantes pisan narima iyeu kahurmatan. Kuduna mah ti baheula kuring narima kana naon anu dipika boga ku kuring.”
“Nya enggeus atuh ari maneh ngarasa bagja ku cara kitu mah, maneh bakal meunang kabagjaan maneh”.
Kocapkeun indit we Wali Dad téh bari tuluy nyieun saung reyod deui bari jadi tukang ngarit deui.

KEKAYAAN YANG SEBENARNYA BUKAN DIUKUR DARI KEKAYAAN YANG KITA MILIKI TETAPI DARI KEBESARAN DAN KEIKHLASAN HATI KITA DALAM MEMBERI

2 komentar:

  1. ke mang upami nuju nyalse dibacana, hihi
    nyanggakeun silaturrahmina ah mang...

    BalasHapus
    Balasan
    1. Sumangga Kang dihaturanan... Hatur nuhun parntos kersa sindang...hehehe

      Hapus