Selasa, 11 September 2012

Suwung Ku Elmu Sepa Ku Pangabisa Teu Apal Alip Bingkeng Alip Bingkeng Acan


Kalimah saperti judul anu di luhur mindeng pisan urang ngadéngéna anu nyirikeun yén jelema anu ngomong téh teu boga élmu tegesna mah bodo. Ngan lamun ku urang dititénan pas kalimah ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ ceuk budak santri mah éta téh kacida anéhna. Coba urang guar éta kaimah ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ téh.

Saperti di ajar di tempat anu formal sarupaning sakola, di pasantrén ogé aya tingkatanna, ngan pédah ari pasantrén salafi(heubeul/kuno/henteu modérn) mah tingkatanna lain ku kelas 1, 2, 3 jeung saterusna tapi tingkatanna téh ditangtukeun ku kitab anu diajina. Contona dina widang fiqih; lamun budak santri ngajina masih ngeukeuweuk kitab safinah berarti masih tingkatan dasar, lamun ngajina geus kana takrib atawa fathul mu’in berarti tingkatan tengah, lamun geus kana I’anah, fathul jawad, al-umm jeung sajabana berarti tingkatan luhur. Ayeuna dina widang tajwid, lamun anu dasar mah masih keneh ulukutek dina hukum-hukum tajwid sarupaning mad, nun paéh jeung tanwin jeung nu sarupana. Anu tengah geus diajar kana makhroj, sifat,rum, naql jeung sajabana, tah anu luhur mah geus ngabandingkeun gaya bacaan antara 7 ahli qiro’at anu katelah qiroa’at sab’ah téa.

Euh ongkoh rék ngabahas alip bingkeng na iraha atuh kalahkah kana fiqih jeung tajwid sagala? Heueuh atuh sabar, pan ceuk paribasa ogé sagala perkara téh kudu malapah gedang supaya caina hérang laukna beunang. Na bisa kitu ngala lauk ku palapah gedang?...

Tah lamun dina widang nahwu nya pon kitu deui aya tingkatanna. Budak santri nu ngeukeuweuk kitab jurumiyah berarti masih dasar, nu ngeukeuweuk matan jurumiyah jeung imrithi katut alfiyah berarti tengah, nu ngeukeuweuk kitab-kitab nu patali jeung manték, ma’ani katut bayan berarti tingkatan luhur. Ayeuna urang balik deui kana guaran urang anu patali jeung alip bingkeng téa, dina élmu nahwu bakal papanggih jeung alip bingkeng kalayan hukum-hukumna téh nyaéta pas tingkatan tengah sabab dina tingkatan dasar  ngan ukur apal rupa teu nyaho ngaran jeung memang can diguar bahasan alip bingkeng dina éta tingkatan mah.

Tah dumasar kana éta jelema nu ngucapkeun ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ berarti asup kana tingkatan tengah tadi, jadi minimal dina fiqhna geus molotok sapinahna, dina tajwidna geus molotok hukum-hukumna, dina sorop geus molotok  kailani katut tasrifanna, dina tauhid geus molotok tijanna tur dina nahwu geus molotok jurmiyahna.

Halaaaaaaaaah siah Sarnuh, iling sok ngomong kitu berarti iling nu kudu kitu teh... Eh heueuhnya halaaaaaaaaaah iyeuh tong boro raah alip bingkeng bet alip lempeng anu kabagi kana alip layyinah jeung yabisah oge teu pati apal. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar