Jumat, 31 Agustus 2012

Abdas Ku Ci Kiih Anjing


Kacaritakeun aya 2 urang santri nu keur gunem catur. Santri nu kahiji salaku santri tingkatan dasar nu karek apal safinah, tijan jeung jurumiyah hungkul tur ngaliwet oge masih keneh tutung. Nu hiji deui santri tingkatan tengah lumayan lah geus apal ari tibang alif bingkeng alif bingkeng wae mah. Supaya teu hese nyebutna urang ngaranan we santri nu dasar Somad jeung santri nu tengah Juned(Punten bilih aya nu namina sami, mung sakadar panokohan).  Dina gunem catur eta maranehna keur ngobrolkeun masalah مياه(miyaah) nyaeta ngabahas cai.
Si Juned ngomong kieu ka sahandapeunana Somad tea”Yeuh Mad, maneh apal teu? da meunang siah abdas ku cai kiih anjing oge”
Somad ngareunjag”Ah maenya Mang (santri nu leuwih luhur tingkatanna atawa umurna biasana lamun di pasantren salafi mah sok disebut Amang) bet ci ikih jelema oge nu kagolongkeun lain mahluk najis geus kaasup najis komo deui anjing anu najisna oge kagolongkeun tingkatan pangbeuratna nyaeta najis mugholadhoh”.
“Iyeuh coba yeuh dengekeun kaol ulama ke ku maneh bari hartikeun tiap kecapna” Tembal Si Juned.
Somad nyarita ”Heueuh sok atuh naon?”
.”Kieu yeuh من وضؤا ببول كلب صح وضؤه” Tembal Si Juned.
Si Somad rada ngahuleng bari tuluy manehna ngomong, pokna“ke..ke.. urang artikeun sakecap-sakecap, من  teh hartina sing saha jalma, وضؤا   hartina abdas/wudhu, ببول hartina ku cikiih, كلب hartina anjing, صح hartina mangka sah, وضؤه  hartina wudhuna eta si jalama… Eh heueuh nya hartina teh sing saha jalma anu wudhu ku ci kiih anjing mangka sah wudhuna.”.
“Heueuh tah kitu ” tembal si Juned.
“Asyik euy uing meunang elmu anyar, jadi dimana-mana euweuh cai rek wudhu mangka meunang make ci kiih anjing”. Ceuk Si Somad bari bungah.

Kocapakeun saeunggeus sawatara lila ti harita si Somad ulin jeung babaturanna seja ngala jangkrik ka gunung sembung. Manehna asruk-asrukan kana rungkun neangan jangkrik nu sorana alus sarupaning madang, colat reujeung kalung. Bakating ku resep ngala jangkrik manehna jeung babaturanna poho can sholat lohor ari waktu geus tereh kana ashar. “Alah Mad geus rek jam 2 leuwih yeuh urang can sholat lohor, hayu ah neangan cai keur wudhu” ceuk babaturanna ka si Somad.
“Ah jauh neangan cai di gunung mah urang neangan anjing we keur wudhu mah”.
Babaturnanna olohok bari tuluy nyarita “Haar naha bet nengan anjing?”
”Heueuh da meunang iyeuh wudhu ku ci kiihna, hayu urang teangan” tembal si Somad. Bari teu ngarti oge antukna mah babaturanna teh nuturkeun.

“Wah euy tuh aya anjing teh, hayu urang udag” ceuk si Somad bari ngaberetek lumpat. Ari pas ngudag-ngudag anjing kitu Si Somad papanggih jeung Jang Qosim keur ngababad tegal pihumaeun.
“Na nanaonan maneh teh Somad bet ngabeberik anjing?” Tanya Jang Qosim ka Somad.
“Itu Kang abdi bade wudhu mung pan tebih pami kedah wudhuna ka lebak mah, waktos lohorna tos samporet”. Tembal Somad.
“Na rek wudhu bet ngudag-ngudag anjing?” Pokna Jang Qosim bari semu kerung.
”Euh pan saur Mang Juned oge aya katerangan sapertos kieu من وضؤا ببول كلب صح وضؤه  janten sing saha jalmi anu wudhu ku ci kiih anjing mangka sah wudhuna, kitu Kang” tembal Somad kalayan atra.
”Euuuh Somad nu matak ngaji teh sing bener sing soson-soson tur bereskeun nepika jucung supaya ulah kacadian deui samodel kieu” Geleneng Jang Qosim.
”Iyeuh harti tina eta kalimah teh lain kitu, lamun saliwat mah ditempona memang siga kitu, ngan dina kecap ببول كلب   hartina lain ku ci kiih anjing, ب ba dina eta huruf lain harti kalayan atawa ku, tapi bima’na ba’id tegesna mah jauh, jadi harti nu benerna mah sing saha jalma anu wudhu jauh tina ci kiih anjing tegesna teu kakeunaang ku najisna eta ci kiih mangka sah wudhuna”. “Owh kitu Kang, paingan atuh simkuring oge asa aneh tiasa wudhu ku ci kiih…hehe” Tembal si Somad ngabelenyeh bari era. “Nu matak ngaji sing bener, ulah siga jelema jaman ayeuna teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan oge geus nyalah-nyalahkeun batur asa manehna nu pang benerna dina agama. Tuh rek wudhu mah deukeut saung Akang aya sumur nang nyieun Akang, caina mah tinggal nimba” Ceuk Jang Qosim ka Si Somad

Tidak ada komentar:

Posting Komentar